Jumat, 31 Januari 2014

Definisi Opak dalam Bahasa Sunda

28 Januari
Blogwalking, menjelajah opak dapatnya yang ini Opak

Opak nya éta kadaharan tina béas ketan. [1] Cara ngolahna bagenyel digepeng-gepeng nepi ka jadi ipis pisan, sagédé-gédé piring terus dipoé nepi ka garing, di daharna sanggeus didéangkeun atawa digoréng nepi ka beukah.[2]
Cara Nyieun Opak

Proses nyieuna kaasup sederhana namung kudu miboga kaparigelan. [3] Sangkan hasil opak téh ngeunah kudu ngaliwatan prosés nyieuna kawilang lila.[3] Mimiti urang kudu nyiapkeun béas anu geus dikumbah nepi ka bersih (diisikan),tuluy éta ketan digigihan kalayan cai anu teu pati loba, sangkan teu beyé teuing.[4] Sanggeus asak di asupkeun kana dulang tuluy ditutuan ku halu bari dicampuran sambara.[3] Sambarana nya éta uyah jeung cipati.[4] Sanggeus adonan jadi disebutna jengél.[4] Tuluy diléot sina baruleud ipis bari di alasan ku samak lempit.[3] Sanggeus kitu di poé nepi ka garing.[3] Biasana di poé dina ayakan, opak anu geus garing disebut babanggi.[4] Lamun geus garing prosés terahir nya éta di beuleum.[3] Dibeuleumna saperti saté ku sabab opak di tojoskeun kana kawat saperti saté.[4] Opak dianggap asak lamu geus beukah jeung warnana kakonéng-konéngan.[4]
Rupa-Rupa Opak

Opak Beureum [3]
Opak Bodas [3]
Opak Sampeu
Opak Jepit
Opak Ketan
Opak Beuleum

catetan

Jump up ↑ Suryani,Elis.(2010).Badingkut.Bandung: Danan Jaya.
Jump up ↑ Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
↑ Jump up to: a b c d e f g h Opak Yudha (Dicutat tanggal 20 0ktober 2011)
↑ Jump up to: a b c d e f Darpan, Suhardiman Budi.2007.Seputar Garut.Garut:Komunitas Srimanganti kaca 133.

Sumber dari: http://su.wikipedia.org/wiki/Opak

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Terima kasih telah berkunjung, silahkan tinggalkan jejak persahabatan berupa komentar agar bisa menjalin relasi sebagai sesama blogger. Soalnya suka bingung, SILENT READER itu siapa saja, ya? :D